SIGAY
Mugia mangpaat. Insya Allah, ieu blog badé dipernahkeun deui. Ti awit tampilan dugi ka bahan ajar. Diantos pangdeudeul ti sadayana. Nuhun.
Selasa, 22 November 2016
Kamis, 26 Februari 2015
Matéri Kelas XII - Carita wayang
Di
urang mah carita wayang téh umumna nyebar ngaliwatan pagelaran wayang golék.
Papadaning kitu aya sawatara buku atawa karangan anu nuliskeun deui carita wayang,
boh mangrupa novel, carita pondok, dangding boh wawacan, anu eusi caritana
biasana mah sempalan tina carita wayang.
Di tatar Sunda, carita
wayang téh umumna dipagelarkeun dina pintonan wayang golék. Aya deuih nu
dipagelarkeun dina wayang kulit jeung wayang wong (wayang jelema) siga di Jawa.
Tapi umumna mah mangrupa sempalan-sempalan téa, lain carita Ramayana atawa Mahabarata
anu gembleng.
Épik Mahabarata
Barata
|
Ambalika
|

![]() ![]() |
Abiyasa
|


![]() |
Destarasta
|
Pandudewanata
|
Ngalahirkeun
Sagunduk Daging Anu Tuluy Buyar Jadi 100 Orok. Nu Kahiji Diaranan Duryudana,
Nu Kadua Dursasana.
|
Kunti
|
Madrim
|
Yudistira
|
Bima
|
![]() |
Nakula
|
Sadewa
|
Kurawa
|
Pandawa
Lima
|
Baratayuda
Di
Tegal Kurusetra
|
Rabu, 25 Februari 2015
Matéri Kelas X- Paguneman
Paguneman téh obrolan antara dua jalma
atawa leuwih. Sok disebut ogé guneman. Aya deui gunem catur, hartina ngobrol.
Sipatna aya nu resmi, siga dina diskusi atawa sawala, aya ogé anu teu resmi
siga urang ngobrol jeung indung bapa atawa jeung babaturan waktu keur ulin.
Paguneman téh cara manusa ngayakeun komunikasi jeung
nu lian. Nya dina paguneman urang bisa nembrakkeun pikiran, rasa, atawa
kahayang. Tur ti batur, urang bisa apal kumaha pikiranana, rasana jeung
kahayangna.
Wacana paguneman lain baé kapanggih dina basa lisan,
tapi ogé bisa kapanggih dina basa tulisan. Contona paguneman nu sok kabaca ku
urang dina karya sastra atawa naskah drama.
Kang Dadan : Damang, Bi?
Bi Téti :
Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna?
Kang Dadan : Alhamdulillah
abdi ogé. Nuju naon Bi Téti di dieu?
Bi Téti :
Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami, badé milari
salédri. Nanging dugi ka ayeuna diantos-antos tacan jebul kénéh baé. Ari Dadan,
nuju naon bet los-los ka pasar?
Kang Dadan : Nu mawi, sami
abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel sayur sop saurna.
Bi Téti : Kutan.
Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah. Manawi
pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan: Atuh urang
sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana tuang
putra téh?
Bi Téti : Ih
nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé hoyong reureuh
Ibi téh, da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar.
Kang Dadan : Euh, paingan
atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang pilari. Saha
jenenganana?
Bi Téti : Namina
Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig.
Kang Dadan : Insya Alloh
dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula.
Bi Téti : Mangga.
Nuhun nya, Dan.
Kang Dadan : Sawangsulna.
Matéri Kelas XI- Babasan Paribasa & Pakakas
Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun
jeung bujangga Sunda nu mibanda sistem ajeninajen aktual tur relevan sarta teu
laas ku kamajuan jaman. Paribasa jeung babasan ditilik tina tingkatan budaya
kaasup kana tingkat karsa, anu eusina ngandung rupa-rupa maksud enggoning
ngahontal kadamean, katengtreman, kaadilan, panyalindungan dina nyorang parobahan
budaya ti mangsa ka mangsa. Nilik kana eusina bisa dibagi jadi tilu kelompok,
nyaéta wawaran luang, pangjurung laku hade, jeung panyaram lampah salah.
Paribasa wawaran luang eusina ngandung maksud pikeun
jadi picontoeun atawa pieunteungeun. Picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi
tuladeun milampah kahadéan, sedengkeun pieunteungeun mah jadi gambaran laku
goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
Wawaran luang:
1. Uyah mah tara téés ka luhur (Tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung tabiat
kolotna)
2. Uncal tara ridueun ku tanduk (boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa)
3. Wiwirang dikolongcatang nya gede nya panjang (ngalaman hiji
kajadian anu matak pikaéraeun)
4. Umur gagaduhan, banda sasampiran (Umur jeung harta banda hakékatna
milik Allah Swt.)
5. Ungguh baléwatangan (dibawa ka pangadilan)
Panyaram lampah salah:
1. Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan (ulah sieun, kudu gedé
kawani)
2. Ulah koméok méméh dipacok (ulah
waka nyebut teu sanggup saacan dicoba)
3. Ulah incah balilahan (ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia)
4. Ulah nyeungceurikan upih ragrag (Ulah popoyok ka jalma nu geus
kolot sabab urang gé bakal ngalaman)
5. Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung (ulah babari
bosenan, tapi kudu satia salilana)
Pangjurung laku hadé
1. Kudu bisa ngeureut pakeun (Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu
sina mahi)
2. Kudu boga pikir rangkepan (Ulah sabongbrong, kudu aya rasa curiga.)
3. Kudu
hadé gogog hadé tagog (Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.)
4.
Kudu nepi méméh indit (Kudu direncanakan
kalawan asak)
5.
Kudu bisa kabula kabalé (Kudu bisa mawa
awak)
Gedé hulu : Sombong
Panjang leungeun :
Cocorokot
Ajug : damar jangkung
Ancak : anyaman awi
carang wadah kadaharan pikeun nyuguh
Aseupan : parabot
paranti nyeupan
Baki : wadah nu léah,
biasana paranti ngasongkeun susuguh
Bakul : wadah sangu
atawa béas, dijieun tina anyaman
Baskom : wawadahan
modél jajambaran dijieunna tina palastik
Bokor : pakakas
paranti ngawadahan kadaharan
Garpuh : alat paranti
dahar
Karanjang :
Loyang : wadah adonan
rupa-rupa kuéh
Panci : parabot dapur
paranti ngangeun
Open : parabot
paranti meuleum kuéh
Parud : parabot
paranti marud
Langganan:
Postingan (Atom)