Rabu, 25 Februari 2015

Matéri Kelas X- Paguneman


Paguneman téh obrolan antara dua jalma atawa leuwih. Sok disebut ogé guneman. Aya deui gunem catur, hartina ngobrol. Sipatna aya nu resmi, siga dina diskusi atawa sawala, aya ogé anu teu resmi siga urang ngobrol jeung indung bapa atawa jeung babaturan waktu keur ulin.
Paguneman téh cara manusa ngayakeun komunikasi jeung nu lian. Nya dina paguneman urang bisa nembrakkeun pikiran, rasa, atawa kahayang. Tur ti batur, urang bisa apal kumaha pikiranana, rasana jeung kahayangna.
Wacana paguneman lain baé kapanggih dina basa lisan, tapi ogé bisa kapanggih dina basa tulisan. Contona paguneman nu sok kabaca ku urang dina karya sastra atawa naskah drama.

Kang Dadan   : Damang, Bi?
Bi Téti          : Pangésto, Dan. Aya hibar. Sawangsulna, kumaha wartosna?
Kang Dadan : Alhamdulillah abdi ogé. Nuju naon Bi Téti di dieu?
Bi Téti          : Numawi nuju ngantosan pun anak. Nembé téh wawartosna mah moal lami, badé milari salédri. Nanging dugi ka ayeuna diantos-antos tacan jebul kénéh baé. Ari Dadan, nuju naon bet los-los ka pasar?
Kang Dadan : Nu mawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel sayur sop saurna.
Bi Téti          : Kutan. Atuh punten sakanténan pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah. Manawi pendak di tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan: Atuh urang sareng abdi wé nguriling ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana tuang putra téh?
Bi Téti        : Ih nyasat atuh ari kitu mah. Apan tadi teu ngiring sareng pun anak ogé hoyong reureuh Ibi téh, da tos ti tatadi balanja. Hayoh wé kukurilingan di pasar.
Kang Dadan : Euh, paingan atuh sapertos nu lungsé kitu. Mangga, tuang putra téh ké urang pilari. Saha jenenganana?
Bi Téti             : Namina Odang. Diacuk konéng, rambutna rada jabrig.
Kang Dadan   : Insya Alloh dipilari. Mangga atuh Bi, dikantun heula.
Bi Téti             : Mangga. Nuhun nya, Dan.
Kang Dadan   : Sawangsulna.

1 komentar:

  1. Jadi.....Intina Paguneuman mah nyaeta sarua Bae Jeung percakapan lamun Dina sastra Indonesia

    BalasHapus