Novel kaasup
salah sahiji carita rékaan (fiksi), eusi jeung jalan caritana panjang tur loba
bagian-bagianana, diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalalakonna loba,
mangsa anu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku , jalan carita,
tempat, jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu
sabenerna. Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi
éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.
Unsur-unsur Novel
Upama maca novel hidep bakal manggihan nu disebut
téma, galur, palaku, latar, judul, point of view, jeung gaya basa. Nu
kitu téh disebutna unsur atawa struktur intrinsic nu aya novel.
Téma nya éta nu ngatur arah unsur séjénna dina hiji
carita. Téma mah loba rupana, tapi téma biasana moal jauh tina kahirupan nyata.
Ku kituna sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu paham heula
kana eusi, tokoh, watek, situasi, jeung galur caritana. Teu kabéhpangarang
nembrakkeun téma sacara langsung dina karyana.
Galur kaasup unsur anu penting dina hiji carita.
Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon
waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nu némbongkeun sababakibat
kajadian dina carita.alur nya éta konflik jeung klimaks. Dina galur atawa alur
téh aya nu disebut Konflik, nya éta interaksi antara dua karakter atawa leuwih,
atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeurna. Upama éta konflik
geus nepi kana puncakna disebutna téh Klimaks.
Palaku nya éta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita.
Nilik Jenisna mah aya nu disebut palaku utama jeung palaku tambahan. Dina
guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa pasipatan palaku. Aya palaku
nu watekna angger, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi goréng atawa sabalikna.
Latar nya éta lingkungan sabudeur anu ngurilingan
kajadian nu lumangsung dina hiji carita. latar téh aya dua rupa nya éta latar
tempat jeung latar waktu. Latar tempat mangrupa tempat di mana kajadian dina
carita lumangsung sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha kajadian dina
carita lumangsung.
Puseur sawangan atawa point of view ngandung harti
(ku saha) dicaritakeunana éta karangan atawa titik caturan. Aya dua cara nu
biasa digunakeun dina fiksi saperti novel, nya éta (1) caturan jalma katilu, nya
éta pangarang aya diluareun carita, para palaku disebut ngaranna, atawa
ngagunakeun kecap sulur “manéhna”, “maranéhna”; (2) caturan jalma kahiji nya
éta juru catur aya di jeo carita, sok jadi palaku carita, ngagunakeun kecap
sulur “kuring”
Gaya basa nya éta cara ngungkapkeun pikiran
ngaliwatan atawa maké basa nu has anu némbongkeun pribadi pangarang. Pangarang
mindeng maké gaya basa dina karyana sangkan karasa leuwih éndah.
Prasasti
nu Ngancik dina Ati
(Popon Saadah)
Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di
rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk
hareupeun.
“Éta téh buku
énggal?" Tanya manéhna.
“Yup!”
“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”
“Pamasihan.”
“Pamasihan saha?”
Teu dijawab.
“Ooh pamasihan tamu nu
kamari ka dieu téa?”
Manéhna ku kuring ukur
dirérét.
“Naha bet masihan
cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!”
Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep
meureun, diukna pindah ka gigireun. “Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi
buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.” Manéhna mencrong kénéh.
“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna
ujug-ujug masihan,” kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.
“Mani perhatian pisan
nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.
“Ya… gitu déh,”
ngajawab téh asal engab.
“Sering masihan
bukuna?”
“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun
manéhna langka masihan, badé kumaha?” Bari panon mah anteng kana bacaan.
“Ati-ati. Ulah asal nampa kitu waé!”
Kuring teu ngarti kana maksud éta caritaan. Naon anu
dimaksud ku Pras kudu ati-ati téh? Da Fauzan ogé lain jalma saliwat atuh. Geus
dua taun kuring deukeut jeung manéhna téh, najan ukur reureujeungan di kampus
wungkul.
Ada apa denganmu, Pras?
cekéng bari neundeun novel nu keur dihanca kana méja, satengah dialungkeun.
Hélok ku sipat manéhna nu poé ieu ngadak-ngadak jadi céréwéd.
“Teu kedah ngiring riweuh kana urusan Rin lah!”
kuring keuheul kénéh ku paripolah manéhna kamari basa panggih jeung Margarét di
ondangan. Ku sok nyungkelit nya ieu haté téh.
“Ada apa pula denganmu, Rin? témbal manéhna.
“Pras wajib nyaho kana sagala urusan Rin!” cenah
deui bari rada molotot.
“Wajib? Naha maké wajib? Jeung diwajibkeun ku saha?
Kuring gé jadi hayang molotot.
”Biasana gé kitu pan? Urusan Rin jadi urusan Pras.
Tugas-tugas Rin jadi pagawéan Pras!” cenah asa meunang. Pédah dina sagala hal
kuring teu weléh dibantuan ku manéhna. Ka tugas-tugas kuliah dibantuan ku
manéhna. Tapi kapan matak wani ngumaha gé bongan manéhna sok ngahaja nawarkeun
jasa ti heula.
“Éta mah kamari jeung kamarina deui. Mimiti ayeuna
teu bisa kitu. Rin hoyong diajar mandiri!”
“Mun
aya nanaon ka diri Rin kumaha?” Manéhna molotot kénéh.
“Nanaon
naon? Tong melang tong hariwang, dan réréncangan Rin mah sadayana gé
balageur, teu aya nu jahat.”
“Bisa wé mimitina mah bageur!” cenah.
“Bisa wé jalma nu salila ieu katingalina bageur gé,
tétéla teu bageur!” bari nyindir kitu téh kuring muncereng kénéh.
Ari sugan, heueuh wé rék ngajak paséa tingkah téh,
boro geus ngawahan. Horéng kakara dilawan kitu gé kaburu éléh. Manéhna langsung
jempé. Tuluy cicing salila-lila, kawas aya nu keur dipikiran.
Ras inget kana kabélana. Sestina ieu haté kacida
sieunna mun Prasasti katutuluyan ngamusuhan. Mangkaning nya jirim nu ieu pisan
nu teu weléh mapaésan impian haté. Nya jirim nu ieu pisan anu mawa éndah dunya
implengan téh. Gap leungeun katuhuna dirawél, saterusna diteueulkeun kana
tarang sorangan, siga mun salam ka guru kuring baréto baha keur di SMA.
“Pras, hapunten Rin nya, Pras…” Nyarita kitu téh
bari ngahaja semu ngahelas, ngarah ngaherukna teu katutuluyan.
Manéhna nyarita kalawan logat nu karasa asing ceuk
ceuli kuring, “Satikosna ahu sangat sonang tu ha ito malobihi apapun. Boasa
ito dang héa mengerti hatakon?”
Nyél haté téh keuheul. Kuring asa keur
digeuhgeuykeun diheureuykeun make basa nu teu weléh matak teu pikahartieun.
Pok deui deui manéhna nyarita ditompokeun kana
ceuli, “Rinéga, boasa ito dang héa mengerti hatakon? Boasa Rin?"
kalawan logat ledok Batak Toba.
“Naon hartina?” tanya kuring. Keur keuheul gé teu
burung panasaran kana ma’na kalimah nu diucapkeun ku manéhna cikénéh téh. Atuda
katempo nyarita kituna téh bangun nu bari dirarasakeun.
“Kedah ngartos atuh, Rin…,” cenah. Leuleuy ayeuna
mah, sarta logat nyaritana balik deui kana lentong Sunda.
“Sing émut, Pras, Rin sanés Margarét!” cekéng, bari
sedih. Saha jelemana nu rido disaruakeun jeung nu séjén bari éta nu séjén téh
hiji awéwé nu meleng-meleng dianggap sainganana.
“Naha bet nyabit-nyabit waé Margarét? Pras mah geus
teu aya hubungan nanaon deui jeung manéhna téh. Rin kedah terang, Margarét mah
carita lawas nu geus laas!” Najan nyaritana tandes, kuring teu gancang percaya
kitu waé. Sabab, haté jelema mah kapan jero alah batan sagara nu pangjerona.
“Jelas, Rin?" tanya manéhna, sabada nempo
kuring ngahuleng salilalila.
“Teu acan.”
“Naonna nu teu acan téh?”
“Ari basa Batak nu nembé diucapkeun ku Pras naon
hartosna?
“Ooh éta…” Manéhna bari jeung gagaro sirah heula.
“Naon?" Rin teu sabar.
“Mmm … hartosna… Iraha-iraha urang ka uleman deui,”
cenah bari seuri.
“Bohong ah!” Kuring teu percaya, maenya hartina ukur
kitu? Padahal dina ngucapkeunana tadi manéhna kacirina daria pisan.
“Engké ogé ngartos lah,” cenah. Jung cengkat, tuluy
ngaléos ka luar, ngadon asup deui ka imahna. Sigana ngahaja ngajauhan sangkan
kuring teu tatanya papanjangan. Sajongjongan kuring ngahuleng sosoranganan.
Lain
gé Prasasti atuh lamun eusi haté katut sikepna ka kuring salila ieu gampang
ditarjamahkeun mah. Atawa… kuringna waé anu belet, nepi ka can bisa kénéh
nyieun kacindekan ngeunaan hal éta. Jadi ras inget kana Prasasti Kawali. Basa
sawatara taun ka tukang jarah ka Kabuyutan Kawali Ciamis, kuring kacida
katajina ku éta batu patilasan, tapi sama sakali teu ngarti naon ma’na di balik
aksana katut basa Sunda kunona. Tah Prasasti nu ieu gé keur kuring mah teu béda
ti prasasti Astana Gedé téa, pinuh ku teka-teki. Naha kuring bakal mampuh
nafsirkeun sikep anjeun, sakumaha arkéolog mampuh nyurahan tulisan nu kaunggel
dina Prasasti Kawali, Pras?
Pancén
Dina
sempalan novel nu judulna “Prasasti Nu Ngancik dina Ati” di luhur diwangun ku
unsur-unsur palaku, latar, jalan carita, téma, jeung amanat. Pancén hidep
ayeuna maluruh nu aya dina éta
unsur ku cara ngajawab pananya ieu di handap!
1.
Saha waé nu jadi palaku dina éta novel?
2.
Saha anu jadi palaku utamana?
3.
Ngagunakeun catur jalma ka sabaraha dina
éta novel?
4.
Kumaha watek unggal palaku dina éta
novel?
5.
Dimana waé kajadian dina éta carita téh
lumangsungna?
6.
Iraha kajadianana?
7.
Kumaha suasana?
8.
Ngagunakeun alur naon pangarang dina
nyaritakeun éta novel?
9.
Naon téma nu dicaritakeun dina éta
novel?
10.
Amanat naon anu hayang ditepikeun ku éta
pangarang novel?
t ngartos bahasana..
BalasHapusManawi aya nu tiasa dibantos bageur?
BalasHapusJawaban unsur intrinsik nya apa ??
BalasHapusJawaban unsur intrinsik nya apa ??
BalasHapus1. Anu jadi palaku dina novel "Prasasti Nu Ngancik dina Ati" nyaeta Prasasti, Rinega, Fauzan jeung Margareta.
BalasHapus2. Sedengkeun anu jadi palaku utama na nyaeta Prasasti jeung Rinega.
3. Carita anu aya dina eta novel teh ngagunakeun catur jalma kahiji (Rinega), jalma kadua (Prasasti), jalma katilu (Fauzan jeung Margareta).
4. Watek anu aya dina unggal palaku dina eta novel teh nyaeta yen Prasasti mah jalmana romantis, Rinega jalmana tegas jeung rada judes, sanajan kitu hate Rinega teh na halus jeung romantis, ari Fauzan mah jalmana bageur saliwat mah, sedengkeun Margaret watekna teu kacaritakeun.
5. Kajadian eta carita nu aya dina novel teh lumangsungna di imah Rinega.
6. Waktu kajadianana nyaeta dina hiji poe.
7. Suasana anu kabayang di imah Rinega teh kayaannana sepi.
8. Alur anu digunakeun dina eta novel teh mangrupa alur campuran, nyaeta campuran nyaritkeun diwaktu anu maju, tapi oge dibarengeun ku nyaritakeun waktu anu katukang. Alur dina eta novel ngandung tahapan-tahapan pengenalan, timbulna konflik, konflik beuki naek, klimaks, jeung penyelesaian masalah.
9. Tema anu dicaritakeun dina eta novel teh nyaeta ngeunaan silih asih atawa asmara.
10. Amanat anu hayang ditepikeun dina ku eta pangarang novel teh nyaeta yen Rinega mah siga pisan anu keuheul atawa teu resep ka Prasasti teh, padahal anu sabenerna mah justru Prasasti pisan anu sok aya dina hate Rinega teh. Jadi, lamun keur padeukeut siga anu keuheul tapi lamun keur pajauh sok sono.
Amanatnya bneer itu teh?
HapusGaya basa na naon nya?
BalasHapusKumaha hubungan antara palaku dina novel prasastu nu ngacik dina ati?
BalasHapus