Rabu, 11 Februari 2015

Matéri Kelas X-Dongéng


Dongéng téh ngaran salasahiji golongan carita, dina wangun prosa (lancaran). Sakapeung sok kaselapan bagian anu diwawuhkeun, umumna parondok. Turun-tumurun jeung sumebarna ku cara lisan. Tara kapaluruh pangarangna atawa nu nyipatakeunna. Nilik wandana jeung eusina dongéng téh  kaasup rékaan baheula. Patempatan anu jadi tétéla gambaran kaayaan baheula, tokoh-tokohna henteu manusa wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk-mahlukséjénna. Kajadian-kajadian caritana sakapeung karasa pamohalan, corak rékaan heubeul anu mindeng ngolah siloka atawa alegori pikeun mungks téma.
Ku lantaran béda-béda palakuna, jeung béda-béda deuih asalusulna, dongéng téh sok dipasing-pasing. Yus Rusyana, ahli carita lisan, ngabagi-bagi dongéng téh kieu:
a.         Dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna jeung dina sajarahna. Upamana dongéng para raja, para putri, para nabi, para wali, tukang tani, tukang dagang, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé parabel.
b.        Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding, manuk, jeung sajabana. Dongéng nu kieu sok disebut ogé fabel.
c.         Dongéng anu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan. Dongéng nu kieu disebutna dongéng sasakala atawa legénda.
d.        Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan (hayalan), bangsaning jurig jeung siluman. Dongéng nu kieu sok disebut ogé dongéng mitos.


Ciri-ciri Dongéng
1.      Kaasup kana golongan carita
2.      Aya babagian caritana anu sok teu kaharti ku akal
3.      Ngandung naséhatanu hadé keur pieunteungeun jalma réa
4.      Nyebarna sacara lisan tur teu kapaluruh saha nu ngaranna
5.      Sok kapanggih babandinganna jeung dongéng séjén di tempat séjén


PAMÉNTA TILU RUPA

Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna malarat rosa. Carékna dahar isuk henteu soré téh lain bobohongan. Ari pagawéanana sok buburuh ngangon domba batur. Sanajan digawéna kacida getolna, tapi hasilna teu kungsi mahi, jajauheun kana cukup. Da puguh ukur buburuh.
Ari buruhanana dina sataun téh paré 50 geugeus, ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.
Demi dununganana jalma beunghar kacida. Tapi korétna kabinabina, jaba licik. Ka pangangon téh ngan minteran baé. Saupama anu ngangon domba rék ngangon ka pangangonan, dibekelanana téh ngan sangu baé jeung uyah sambel. Arang langka pisan dibéré deungeun sangu anu ngareunah
Mun geus usum panén, nu ngangon téh dibéré paré buruhanana téa. Tapi paréna téh dipilihan anu gambrang pisan. Atuh barang dijual téh hargana teu sakumaha. Teu mahi pikeun meuli
baju-baju acan. Munasabah baé mun tukang angon téh papakéanan geus rubat-rabét, siga nu gélo baé.
Sakali mangsa éta tukang ngangon téh gering nepi ka teu bisa ngangon. Tapi, ku dununganana téh teu diurus.
Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, ka dununganana ménta kadaharan. Tapi batan méré mah dununganana kalah nyarékan. Majar téh, “Can digawé geus hayang ménta dahar!”
Antukna éta tukang ngangon téh musapir. Manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes di jero haténa. Beurang peuting manéhna neneda hayang bisa cara deungeun-deungeun, teu kurang hakaneun teu kurang pakéeun. Ku tina nyeri haté, manéhna tuluy miceun manéh ka leuweung, teu dahar teu nginum.
Barang geus meunang sababaraha poé manéhna kasaréan ti beurang, handapeun tangkal kai. Ari hudang bet manggih batu tilu siki. Kawas muncang, baruleud, sarta laleucir. Teu kira-kira manéhna kagéteunana. “Na saha anu neundeun ieu batu téh, da tadi mah euweuh?” pokna.
Sabot kitu kadéngé aya sora euweuh rupa, “Ujang, ku sabab manéh sakitu prihatinna, ayeuna paménta manéh dikabulkeun. Manéh meunang ménta tilu rupa. Pék rék ménta naon baé ogé. Dina sakali ménta éta batu kudu dialungkeun hiji!”
Tukang ngangon liwat saking atoheunana. “Nuhun Gusti, nuhun!” pokna bari nyembah-nyembah.
Ti dinya tukang angon tuluy balik ka lemburna. Sajajalan teu weléh imut sura-seuri sorangan bari mikiran rék ménta naon. Ceuk gerentes haténa, “Kahiji aing rék ménta beunghar. Kadua rék ménta jadi raja. Lantaran beunghar ogé ari teu agung mah tara dihargaan. Katiluna aing rék ménta loba anak, sangkan bisa nuluykeun raja jeung kabeungharanana.”
Sadatangna ka imahna, manéhna rék nyoba ménta beunghar. Tapi tuluy kapikir rék ménta duit baé. Da mun téa mah tuluy dibéré kuda, sapi, atawa ingon-ingon, kacipta réncédna da kudu dijual heula. Ari boga duit mah apan hayang naon baé gé bisa. Tapi manéhna kacalétot
ngomong. Maksudna hayang loba duit, ari pok bet hayang loba ceuli. Barang keleweng téh batu dialungkeun, ngan breng baé awakna pinuh ku ceuli. Mani kawas tunggul anu pinuh ku lémbér.
Tukang angon gogoléran ceurik, awahing ku gila nénjo awak sorangan. Handeueuleun deuih, pédah paméntana anu kahiji geus mubadir. Barang geus leler, manéhna mikir deui. Ceuk gerentesna, “Ah keun baé henteu tulus jadi raja ogé, henteu boga anak loba ogé, asal jadi
beunghar wé. Tapi ceuli nu matak pikagilaeun téh kudu leungit heula!”
Keleweng manéhna ngalungkeun deui batu anu kadua, sarta ménta sangkan ceuli anu rimbil dina awakna leungit kabéh. Les baé ceuli téh leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Tukang angon kacida bungaheunana sarta niatna rék ati-ati pisan dina nepikeun paménta anu katilu.
Tapi ras manéhna inget kana ceulina anu dua. Ari dicabak, bet milu leungit. Puguh baé kagéteunana tukang angon. Atuh ngan hing deui baé manéhna ceurik. Leuwih nyeri batan anu tadi, sabab paméntana ngan kari hiji deui.
“Kumaha ayeuna aing? Lamun ménta beunghar meureun aing jadi jalma tanpa daksa, teu boga ceuli. Lamun ménta didatangkeun deui ceuli, aing meureun angger malarat.”
Sanggeus bingung mikiran nasib, bet datang ilham tina pikirna anu beresih. “Leuwih hadé aing ménta didatangkeun deui dua ceuli anu asal, da ceuk kolot ogé apan awak anu walagri, sehat bari jagjag waringkas, leuwih utama batan kakayaan. Sarta saéstuna jalma anu beunghar téh nyaéta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. Kawas aing, da geus milikna jadi jalma malarat, euweuh sisit beunghar, nya rék ditarimakeun baé. Hanas éta teu boga dahareun, pakéeun, nya rék ihtiar baé, da awak lengkep kénéh, tanaga gedé. Mending néangan baé dunungan anu bageur!” pokna.

Keur nyangkem dongéng di luhur, lengkepan tabel ieu di handap!

Aspék Dongéng Jawaban

Palaku Dongéng
(saha tokoh anu ngalalakon
dina dongéng?)
.........................................................................
.........................................................................
.........................................................................
Logika dongéng
(Naha caritana kaharti ku
akal atawa henteu?)
.........................................................................
.........................................................................
.........................................................................
Naséhat dongéng
(Piwuruk naon atawa ajéninajén
naon nu kakandung
dina dongéng sarta bisa
dijieun eunteung keur nu
maca/ngadéngékeun?)
.........................................................................
.........................................................................
.........................................................................
Pajamanan dongéng
(Naha caritana téh
kabaheulaan atawa carita
jaman ayeuna?)
.........................................................................
.........................................................................
.........................................................................
Kumaha kacindekan urang sanggeus tabél di luhur kaeusian? Cing tepikeun sacara lisan di hareupeun kelas!

1 komentar: