MC minangka kecap wancahan tina (Master of
Ceremony), nu hartina jalma nu dibéré pancén minangka “pamanggul acara”, nu
ngadalikeun acara, nu ngatur acara atawa pamingpin acara. Kalungguhan MC teu
bina ti pribumi (host) hiji acara atawa hiji kagiatan/pintonan. Pancén MC
ngumumkeun susunan acara jeungngawanohkeun saha-saha waé nu rek midang ngeusi
éta acara sarta nu nangkes sarta nu mastikeun yén éta acara baris lumangsung
kalawan lancer jeung sukses luyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
A.
Pancén Master of Ceremony/Pamanggul
Acara:
1.
Nyusun acara nu hade bari koordinasi
jeung pihak panitia
2.
Muka jeung nutup acara
3.
Ngajamin yén acara lumangsung kalawan
lancar jeung sukses;
4.
Mingpin jeung ngatur jalanna acara;
5.
Ngawanohkeun panyatur/nu ngeusi acara;
6.
Ngecék kasiapanana acara jeung hadirna
jalmajalma petingan;
B. Teknik/Kamampuh nu kudu aya di diri MC (Master of Ceremony)
a.
Teknik Nyarita
Minangka
komunikator, saurang pamanggul acara (MC) kudu ngawasa hiji kamampuh naon-naon
nu diucapkeunan matak ngirut ati jeung dipikaharti ku balarea. Éta kamampuh téh
nu sok disebut teknik nyarita. Aya 5 hal nu kudu diperhatikeun ku MC dina keur
cacarita:
1. Phrasing (randegan kalimah);
2. Intonasi (lentong kalimah, luhur
handap, tarik halonna sora);
3. Stressing (neueulkeun dina kekecapan
nu tangtu)
4. Reading speed (guluyur jeung gancang
kendorna maca);
5. Pause (ngarandeg)
Ku merhatikeun phrasing (randegan dina kalimah) urang bisa ngatur
lebah mana urang kudu ngarandeg sangkan bisa ngahontal harti nu saéstu, nepi ka
nu ngadengkeun ngarti naon nu diomongkeun/dicaritakeun ku MC. Éta randegan téh
tangtu baé raket patalina jeung lentong kalimah, luhur handap jeung tarik
halonna sora tur ngajanggelek jadi gaya nyarita nu wajar. Ari stressing mah
umumna neueul kana volume sora nu digunakeun pikeun nandeskeun hiji hal sangkan
leuwih beda. Reading speed, nyaéta lebah MC macakeun hiji teks nu kudu
diluyukeun jeung situasi rohangan, sangakn naon nu dibacana bisa
didéngé ku balaréa kalawan jéntré, pangpangna pikeun nyingkahan kacalétot
létah.
Para ahli komunikasi netepkeun aturan baku keur gancangna maca
antara 110/120 kecap per menit. MC ogé perlu ngalaksanakeun pause atawa
ngarandeg pangpangna pikeun ngontrol kalimah saterusna, jeung méré kasempétan
ka balarea naha ngarti atawa paham kana naon nu geus diucapkeunana. Kaweruh
jeung luang hiji pamanggu acara (MC) kana kaayaan/situasi forumna baris mantuan
pikeun nyaluyukeun dirina boh dina hal penampilan (performance)
dirina, body language, boh basa nu digunakeunana. Salian ti éta, kaweruh
kana kaayaan forum téh bakal ngurangan rasa minder (under confidence).
C.
Teknik Performa jeung Gesture
1. Ngalakukeun
eye contact : museurkeun paningal ka audience jeung ka sakuriling
rohangan, pencrong/teuteup mata audience;
2. Ngalakukeun
gerakan leungeun/isarah/sikep nu alami, spontan (teu dijieun-jieun), teu
ragu-ragu, luyu jeung kalimah nu diucapkeun, lakukeun stressing dina point
penting;
3. Gerakan
awak ngawngku pasemon, gerakan leungeun, suku, leungeun, taktak, baham atawa biwir,
sirah, awak;
4. Ulah
ngalampahkeun gerakan anu monoton saperti ngaramesan ramo leungeun,
5. Ulah
ngalampahkeun gerakan anu teu ngarojong naon anu jadi jejer caritaan upaman
ngarampaan kerah baju, gegetret, ngomekeun microphone, jsté;
6. Ucapkeunn
unggal kalimah bari imut, nepi ka sora nu dihasilkeun minangka smillng voice;
7. Dipahing
nyieun joke (bojegan) tapi nu ngabojegna seuseurian sorangan;
8. Lamun
ngasongkeun joke béré hancengan keur méré masempetan ka audience pikeun
seuri.
D.
Tatahar nu bisa dilakukeun waktu
jadi Pamanggul Acara
1. Rileks,
pastikeun yén kondisi awak jeung sora aya dina kaayaan fit. Lamun ngarasa
geumpeur tarik napas sing panjang jeung sing jero, ngagerakeun awak keur
sakadar ngaleuleuskeun otot nu kaku;
2. Know
The Room (ngawasa rohangan tempat nu baris menjadi Pembawa Acara);
3. Know
The Audience (apal kana karakteristik tamu jeung
teuteup maranehna salaku sobat);
4. Know
The Material (ngawasa bahan/materi acara);
5. Baca
literatur nu diperlukeun pikeun ngarojong pangaweruh urang, sabab mingkin loba
hal nu dipikanyaho ngeunaan acara nu disanghareupan, tangtu bakal nimbulkeun
rasa percaya diri;
6. Susun
pointer pikeun ngingetan naon nu bakal diucapkeun;
7. Ulah
mindeng teuing sanduk-sanduk menta maap ka audience;
8. Ulah
ninggalkeun daftar acara atawa rundown acara (najan geus aya stage manager);
9. Gunakeun
pakéan anu luyu jeung acara, ulah nepi ka salah kostum. (Usahakeun MC mah kudu
Panata Acara (Mc)
Pentas Seni
Assalamu’alaikum
warohmatullohi wabarokatuh.
Langkung ti payun mangga urang sami-sami
ngadeuheuskeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun ni’mat
ka urang sadaya. Insya Alloh ni’mat iman, ni’mat Islam wuwuh nimat silaturahmi,
dugi ka urang dina danget ieu tiasa ditepunglawungkeun sawargiwargi kalayan
rahayu salamet. Nya ku rahayu salamet nu janten marga lantaranana, dugi ka
urang tiasa ngalaksanakeun rupi-rupi kagiatan anu tos maneuh dilaksanakeun unggal
taun nyaéta miéling HUT RI anu ka-68. Kalihna ti éta, teu hilap salam
kawilujengan mugia ginuluran ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi Muhammad
SAW, ka kulawargina, ka para sohabatna, tur lélébéranana gubrag ka urang sadaya
nu umangken umatna. Amin…
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat!
Sateuacan medar ieu acara, sim kuring kalayan asmana
panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah
hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia. Atuh teu hilap,
ogé ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi pangrojong
boh moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung kalayan nyugemakeun.
Sakali deui hatur nuhun nu taya wates wangenna.
Salajengna dina ieu kasempétan, sim kuring baris
ngadugikeun runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi ieu. Anu kahiji
nyaéta bubuka; kadua, ngagalindengkeun kalam Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag:
pupuhu panitia, bapa Kadés Bojong Inong; nu kaopat bewara sareng pamasrahan
rupi-rupi penghargaan. Nu kalima, minangka acara inti nyaéta rupi-rupi
kamonésan nu dijanggélékkeun dina pintonan seni; nu pamungkasna acara Do’a.
Kanggo muka ieu acara, mangga urang sami-sami maos
basmalah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahiim.
Acara kahiji nyaéta bubuka ku ngagalindengkeun ayat
suci Al Quran anu baris didugikeun ku Sadérék Hasan Baéhaqi sareng
saritilawahna ku Sadérék Siti Maryam. Mangga dihaturanan.
Acara kahiji parantos réngsé, mugi nu ngaoskeun
sareng urang nu ngaregepkeun kalam illahi nembé sing kénging barokah ti Gusti
Nu Maha Suci. Sumangga urang lajengkeun kana acara anu kadua nyaéta rupi-rupi
pamapag. Pamapag nu kahiji mangrupi laporan ti pupuhu panitia HUT RI ka-55. Ka
Saderek pupuhu panitia HUT RI ka-68 Indra Permana mangga dihaturanan.
Hatur sewu nuhun ka pupuhu panitia anu parantos
ngalaporkeun rupi-rupi kagiatan dina salebeting miéling HUT Kamerdékaan, mugi
tiasa kama’lum ku sadayana. Salajengna, pamapag nu kadua badé ditéma ku pamapag
Bapa Kadés Bojong Inong. Pangersa Bapa Drs. H. Udin Soléhudin dihaturanan .
Alhamdulillah,
ku urang nembé kabandungan sasauranana Bapa Kadés, anu écés tur témbrés.
Éstuning bérés roés basana, genah ngadangukeunana, mérénah larapna. Hatur nuhun
Bapa! Acara salajengna, mangrupi acara bewara pamasrahan rupi-rupi penghargaan
sareng hadiah tina lomba nu parantos dilaksanakeun. Ka pihak panitia
dihaturanan kanggo ngabéwarakeun kajuaraan rupi-rupi lomba. Namung sateuacan
panitia ngadugikeun béwara, kumargi seueur pisan hadiah sareng penghargaan tina
rupi-rupi kajuaraan, sim kuring asmana panitia badé nandeskeun yén dina
pamasrahan hadiah sareng penghargaan téh badé dipaparinkeun ku cara
diselangsekarkeun dina acara pintonan seni. Hatur nuhun. Mangga panitia
dihaturanan kanggo ngabéwarakeun hasil kajuaraan.
Hatur nuhun. Hadirin anu ku sim kuring dipihormat.
Salajengna acara nu dianti-anti parantos dugi, ku
mangrupi pinton seni. Mangga kaleprok heula barudak sing ramé! Kanggo langkung
ngahirupkeun sareng ngaramékeun ieu acara, corong badé kasanggakeun ka Mang
Minta anu tos teu bireuk deui kanggo urang sadayana.
Alhamdulillah,
acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun. Sateuacan sim kuring pamit,
kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng
kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana. Mangga Mang Minta dihaturanan!
Wassalamu’alaikum warohmatullohi
wabarokatuh.
Nganalisis Teks
Sabada urang niténan teks ka-1 nu eusina
mangrupa pok-pokan Panata Acara (MC). Tetela pok-pokan Panata Acara téh aya
sasaruaanana jeung runtuyan babagian biantara, nyaéta aya bagian: bubuka, eusi
jeung aya bagian panutup. Malah kalimah-kalimah nu dipakena ogé méh sarua jeung
pok-pokan biantara, upamana bae: muji sukur ka Nu Maha Kawasa katut nepikeun
solawat ka Kangjeng Nabi, ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu tos ngaluuhan éta
acara, ngadadarkeun saniskara maksud jeung tujuan (eusi biantara) sarta ditutup
ku sanduk-sanduk. Ngan anu ngabedakeunana, ari dina biantara mah caritaan (nu
dilisankeunana) téh gembleng ti mimiti bubuka, eusi jeung panutup. Nu biantara
mah tonggoy baé nepikeun biantara ti awal nepi ka tamatna, sedengkeun ari
panata acara (MC) ku lantaran purah ngatur lumangsungna acara, caritaanana
henteu kebat saperti biantara. Ari MC mah pancenna nyageranan (ngatur) waktu
jeung ngahaturanan saha bae nu rek cacarita atawa midangkeun pintonan. Ku sabab
kitu, pok-pokan MC mah tara papanjangan, cukup ku: bubuka nu eusina muji sukur,
nataan guluyurna acara, ditéma ku ngahaturanan, nganuhunkeun jeung méré
komentaran (saperluna). Geura titénan ieu conto teks omongan MC di luhur tadi!
Bubuka:
Mangga urang sami-sami
ngadeuheuskeun puji sinareng sukur ka Alloh SWT anu parantos ngamparkeun ni’mat
ka urang sadaya. Insya Alloh ni’mat iman, ni’mat Islam wuwuh nimat silaturahmi,
dugi ka urang dina danget ieu tiasa ditepunglawungkeun sawargi-wargi kalayan
rahayu salamet.
Nataan Susunan Acara:
Sim kuring baris ngadugikeun
runtuyan acara anu baris dipidangkeun dina wengi ieu. Anu kahiji nyaéta bubuka;
kadua, ngagalindengkeun kalam Ilahi, katilu, rupi-rupi pamapag: pupuhu panitia,
bapa Kadés Bojong Inong; nu kaopat bewarA sareng pamasrahan rupi-rupi
penghargaan. Nu kalima, minangka acara inti nyaéta rupi-rupi kamonésan nu
dijanggélékkeun dina pinton seni; nu pamungkasna acara Do’a.
Ngahaturanan:
Sim kuring kalayan asmana
panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa, para ibu miwah
hadirin sadayana anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia.
Nganuhunkeun:
a.
Atuh teu hilap, ogé
ngahaturkeun réwu nuhun laksa keti kabingahan kana sagala rupi pangrojong boh
moril boh materil, dugi ieu acara tiasa lumangsung kalayan nyugemakeun. Sakali
deui hatur nuhun nu taya wates wangenna.
b.
Hatur sewu nuhun ka
pupuhu panitia anu parantos ngalaporkeun rupirupi kagiatan dina salebeting
miéling HUT Kamerdékaan, mugi tiasa kama’lum ku sadayana.
Mungkas acara:
Alhamdulillah,
acara demi acara parantos réngsé dilaksanakeun. Sateuacan sim kuring pamit,
kalayan asmana panata calagara neda dihapunten tina samudaya kalepatan sareng
kakirangan. Hatur nuhun kana samukawis perhatosanana
Hatur Nuhun
BalasHapusIyoo monggo
Hapus