Selasa, 24 Februari 2015

Materi Kelas XI - Kawih


Kawih salah sahiji kasenian (seni sora) titinggal karuhun nu diwariskeun sacara turun-tumurun. Kawih kaasup kasenian anu kahot sarta dikatégorikeun minangka cikal bakal seni sora nu aya di masarakat Sunda.
Nilik kana sajarahna, kawih dibagi jadi tilu kurun waktu, nya éta:
(1) Kawih buhun atawa tradisional. Buhun hartina kuno, jaman baheula atawa kecap séjén tina bihari. Période kawih buhun aya dina kurun waktu saacan jaman Jepang nepi ka Jaman Jepang. Lagu anu kaasup kawih buhun di antarana lagu “Banjar Sinom”, jeung sajabana.
(2) Kawih Jaman Jepang dimimitian kira-kira Jepang datang ka Indonesia dina taun 50-an. Sababaraha kawih anu aya dina Jaman Jepang di antarana lagu “És Lilin”, “Balon Ngapung”, “Géhgér Soré”,”Bandowati”, jeung sajabana.
(3) Kawih wanda anyar atawa kawih alam kiwari nya éta kawih jaman ayeuna. Kurun waktu kawih wanda anyar dimimitian ti taun 50-an nepi ka kiwari. Kawih wanda anyar di antarana “Anggrék Japati”, “Cinta Nusa”, Baju Héjo”,”Angin Priangan”, “Hujan Munggaran, jsb., kaasup kawih-kawih anu dikolaborasikeun.

Nyangkem Unsur Rumpaka Kawih
Upama nilik unsurna, rumpaka kawih ogé teu béda jeung unsur nu aya dina sajak atawa puisi, di antarana aya rasa, nada, amanat, jeung téma.
(1) Rasa ngagambarkeun sikep nu ngawih kana poko pasualan anu aya dina rumpaka kawih. Unggal kawih anu diregepkeun atawa dibaca tangtu bakal ngébréhkeun rasa anu béda. Ieu téh balukar bédana pasualan, kajadian, atawa kaayaan anu disanghareupan ku nu nulis rumpaka kawih. Eusi kawih “És Lilin” di luhur téh ngeunaan katrésna ti hiji wanoja ka hiji jajaka. Geura ilikan sempalanana ieu di handap.

Itu saha dunungan nu nungtun munding
digantélan geuning ku saputangan ...
itu saha dunungan nu ginding teuing
sihoréng mah aduh geuning jungjunan ...

Éta kecap ginding (padalisan 3) jeung jungjunan (padalisan 4) dina sempalan rumpaka kawih “És Lilin” téh minangka ébréhan haté wanoja nu ngagambarkeun rasa cintana ka hiji jajaka.

(2) Nada nya éta sikep nu nulis rumpaka kawih nu karasa ku anu ngaregepkeun atawa nu maca, upamana sedih, nalangsa, handap asor, sombong, éra, hanjakal, jeung sajabana. Geura ilikan sempalan rumapak kawih “és Lilin” ieu di handap.

Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandak mah geuning ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh babaringung
sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Es lilin mah ... didorong dorong
di bantun mah ... dibantun ka Sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok inggis mah aduh henteu ngajadi

Dina sempalan di luhur kagambarkeun jalma nu teu wani kedal atawa terus terang. Aya kecap isin (padalisan ka-3), nandakeun éra jeung kecap samar kaduga (padalisan ka-3) nandakeun teu puguh nu kudu dipilampah, sarta kecap bararingung (padalisan ka-3) nandakeun kasieun bisi cintana ka éta jajaka teu ngajadi.

(3) Amanat nya éta perkara atawa pasualan anu hayang ditepikeun ku nu ngawih atawa nu ngarangna ka nu ngaregepkeun atawa nu maca. Amanat minangka kereteg anu ngarojong ka nu nulis kawih nyiptakeun karyana. Amanat bisa dipaluruh dina kecap-kecap anu dipilih jeung disusun ku nu ngawih jeung di satukangeun anu dikawihkeun. Geura tengetan ieu sempalan rumpaka kawih “És Lilin” di handap.

És lilin mah ceuceu di kalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana

Dina rumpaka di luhur nyangkaruk amanat yén urang salaku wanoja kudu bisa ngajaga harga diri, sanajan sakumaha mikacintana ka hiji jajaka, ulah wani reujeung paduduaan (padalisan ka-4) lamun can resmi jadi salaki pamajikan jeung pikir rangkepan (padalisan ka-4) rasa sieun–dibantun ka mana-mana.

(4) Téma mah minangka hal poko atawa galeuh anu ngajiwaan eusi rumpaka kawih. Teu béda ti sajak, dina kawih ogé sok kapanggih nu eusina ngébréhkeun masalah sosial, agama, kadeudeuh atawa kaasih, jeung sajabana. Ari nu jadi téma rumpaka kawih “És Lilin” nya éta katrésna atawa percintaan, bisa katingali dina kecap-kecap nu dipaké, di antarana kecap ngaitkeun pikir, paduduaan, dunungan, jungjunan, ginding.


És Lilin

Pada Ka I
És lilin mah (dunungan) kalapa muda (padalisan ka 1)
dibantun mah (dunungan) ka Sukajadi (padalisan ka 2)
abdi isin dunungan samar kaduga (padalisan ka 3)
sok sieun mah aduh henteu ngajadi (padalisan ka 4)

Pada Ka II
És lilin mah ... didorong dorong (padalisan ka 1)
di bantun mah ... dibantun ka Sukajadi (padalisan ka 2)
abdi isin dunungan samar kaduga (padalisan ka 3)
sok inggis mah aduh henteu ngajadi (padalisan ka 4)

Pada Ka III
És lilin mah ceuceu buatan Bandung (padalisan ka 1)
dicandak mah geuning ka Cipaganti (padalisan ka 2)
abdi isin jungjunan duh babaringung (padalisan ka 3)
sok inggis mah aduh henteu ngajadi (padalisan ka 4)

Pada Ka IV
Itu saha dunungan nu nungtun munding (pada ka 1)
digantelan geuning ku saputangan (pada ka 2)
itu saha dunungan nu ginding teuing (pada ka 3)
sihoreng mah aduh geuning jungjunan (pada ka 4)

Pada ka V
És lilin mah ceuceu di kalapaan (pada ka 1)
raosna mah geuningan kabina-bina (pada ka 2)
abdi alim dunungan paduduaan (pada ka 3)
sok sieun mah dibantun kamana-mana (pada ka 4)

Pada ka VI
Kamana mah geuningan ngaitkeun kincir (pada ka 1)
Ka kalér mah ka kalér katojo bulan (pada ka 2)
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir (pada ka 3)
Moal palér duh da ku sabulan (pada ka 4)

Bubuy Bulan
(Cipt. Beni Corda)
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang
panon poé, panon poé disasaté
unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Cuburuy laukna hésé dipancing
nyérédét haté ningali ngénclong caina
tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing
nyérédét haté ningali sorot socana
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé
Situ Ciburuy laukna hésé dipancing
nyérédét haté ningali ngénclong caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing
nyérédét haté ningali sorot socana
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
unggal poé, unggal poé ogé hadé

10 komentar: