Wawancara téh hiji kagiatan komunikasi nu geus
ilahar lumangsung di masarakat. Wawancara mah biasana dilakukeun ku wartawan,
reporter, atawa jalma lianna nu nganggap perlu meunang informasi penting ti
saurang atawa sakelompok jalma nu jadi narasumber. Jadi, tujuan wawancara nya
éta pikeun meunangkeun informasi ti narasumber.
A. Maham Pedaran Ngeunaan Wawancara
Sajaba ti kelompok wartawan, aya ogé
anggota masarakat anu sok ngalakukeun wawancara, upamana mahasiswa nu keur
ngalaksanakeun panalungtikan, murid nu meunang pancén ti guruna, aparat
pamaréntahan ti lembaga sénsus penduduk nu ngawawancara wargana, nu ngalamar
pagawéan ogé sok aya nu diseléski ku cara wawancara, hayang meunang katerangan
riwayat saurang jalma ogé bisa dipaluruh ku cara wawancara, jeung sajabana.
Wawancara kaasup kagiatan nyarita dua
arah. Aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Saméméh ngalakukeun wawancara kudu
tatahar heula nyusun sajumlahing pananya ngeunaan matéri nu rék ditanyakeun ka
narasumber. Narasumber téh jalma nu baris dipénta kateranganana.
Saupama urang perlu informasi ngeunaan hiji perkara,
kadé ulah salah nangtukeun narasumber. Upama perlu informasi ngeunaan kasenian,
nya datang ka narasumber nu ahli dina widang seni, Upama perlu informasi
ngeunaan pendidikan, nu diwawancarana kudu ahli di widang pendidikan, perlu
katerangan ngeunaan olahraga, kudu ngadatangan jalma nu ahli dina widang
olahraga, upamana atlit, pelatih atawa guru olahragana pisan.
Geura
tengetan ieu conto wawancara di handap.
Hasil Wawancara Ngeunaan Bahaya Narkoba jeung Hiv
(Laporan disusun wangun tanya jawab)
Nu
Nanya :“Pa, punten abdi badé
nyuhunkeun katerangan, kintenkinten naon baé masalah anu dipayunan ku
pamaréntah akibat tina narkoba téh?”
Narasumber :“Kiwari narkoba mémang jadi masalah, lain
baé keur pamaréntah, tapi keur sakumna masarakat, ogé lain ukur di Indonesia,
tapi di unggal nagara di sakuliah dunya. Ari nu jadi sababna narkoba téh bisa
ngaruksak mentalbangsa, utamana barudak ngora.”
Nu
nanya :“Kumaha kaayaan jalma anu
ngagunakeun narkoba dina mangsa kiwari téh Pa?”
Narasumber :“Justru éta kaayaanana geus matak
pikahariwangeun. Nu nyalahgunakeun narkoba ti taun ka taun téh lain ngurangan,
geuning kalah ngaronjat. Tah ieu téh pagawéan anu beurat pikeun pamaréntah mah
.”
Nu
Nanya :“Naon waé anu karandapan ku
jalma anu ngagunakeun narkoba téh, Pa?”
Narasumber :“Sakur nu nyalahgunakeun narkoba, utamana
nu ngagunakeun jarum suntik, baris nimbulkeun masalah séjénna, salasahijina
nyebarna virus HIV.”
Nu
Nanya :“Kinten-kinten naon nu
nyababkeun éta jalma wani-wani ngagunakeun narkoba?”
Narasumber :“Ari nu jadi sababna mah rupa-rupa, aya
faktor psikologis, biologis, sosial, katut spiritual saperti kurangna bingbingan
atikan agama. Lamun jalma nu geus katagihan sok hésé ngeureunkeunana. Matak
urang ulah sakali-kali kumawani ngagunakeun narkoba, lamun geus katagihan mah
hésé ubarana.”
Nu
Nanya :“Kumaha sangkan ieu kasus
narkoba téh teu nerekab ka generasi ngora?”
Narasumber :“Sangkan ieu masalah téh teu nerekab,
perlu diihtiaran kalawan soson-soson, di antarana ku cara ngalibetkeun pamaréntah,
LSM, kaasup ogé média massa, jeung pusat réhabilitas HIV/AIDS.”
Nu
Nanya :“Tarékah naon kinten-kintenna
sangkan jalma-jalma hususna generasi ngora teu kalibet ngagunakeun narkoba?”
Narasumber :“Anu leuwih utama mah dijaga timimiti
lingkungan kulawarga. Barudak salaku generasi ngora dididik ku atikan agama
sangkan pengkuh kaimanannana. Salian ti éta, méré nyaho sangkan barudak apal
yén narkoba téh barang haram anu dilarang ku agama jeung pamaréntah. Sabab
bakal ngaruksak méntal jeung runtuhna nagara.
Nu
Nanya :“Naha tina narkoba tiasa
ngaruntuhkeun nagara?”
Narasumber :“Nya muhun, pan narkoba mah bisa ngaruksak
pisik jeung méntal. Awak ruksak, pikiran kaganggu, teu bisa konséntrasi, da
pikiranana pinuh ku lamunan nu teu pararuguh. Tah lamun generasi ngora geus
kitu, saha anu baris ngolah nagara? Antukna nagara moal aya nu maliré. Tah ieu
pisan anu dipikahariwang ku sakumna masarakat Indonesia téh.”
B. Nyusun Kalimah Bahan Wawancara
Katangtuan saméméh jeung prak-prakan ngawawan-cara, diantarana
ngawengku sarupaning perkara di handap.
1. Nangtukeun
tujuan
2. Nangtukeun
topik wawancara
3. Nyusun
patalékan
4. Ménta
din ka narasumber
5. Ngawanohkeun
diri ka narasumber
6. Nepikeun
maksud ngawawancara
7. Nanya
kalawan jelas
8. Nyadiakeun
catetan jeung alat rekam
9. Ulah
lila teuing atawa saperluna
Nuliskeun Bahan jeung Laporan Hasil Ngawawancara
Sababaraha hal anu dianggap perlu
disadiakeun saméméhna diantarana rupa-rupa pananya.
1. Keur kaperluan naon?
2. Naon waé nu ditanyakeunana?
3. Saha nu rék ditanya?
4. Ka mana kudu nepunganana?
5. Iraha waktuna?
6. jeung sajabana.
Rambu-rambu kalimah tanya modél di luhur
jadi bahan pikeun urang dina waktu geus tepung jeung narasumber. Kalimahna
tanya anu disusun ku urang ulah panjang teuing, mun bisa mah parondok jeung togmol
(langsung) kana sasaran.
Conto laporan wawancara
wangun tanya jawab jeung artikel.
Astri :
Ari sadinten sabaraha jam Ramlan diajar?
Ramlan :
Rata-rata dua jam. Sajam sateuacan kulem sajam deui sabada gugah kulem. Wengi
sareng Subuh.
Astri :
Sok dipapaksa ku Mamah atanapi Bapa upami ngapalkeun?
Ramlan :
Ah henteu, sok maksakeun nyalira baé. Mamah sareng Bapa mahukur masihan
sumanget.
Ari dina wangun artikel naratif mah ditulisna siga
berita nu sok kapanggih ku urang di koran atawa majalah baé. Éta hasil
wawancara Astri nu di luhur téh bisa dituliskeun kieu:
Ramlan Si Pinter nu Humoris
Ramlan téh
béntang pelajar di sakola mah. Budakna pinter, tapi henteu sombong. Malah
soméah pisan ka sasaha ogé. Lian ti éta mun diajak ngobrol téh pikaresepeun,
lantaran sipatna anu humoris.
Unggal taun
Ramlan mah juara kelas baé. Can lila Ramlan dikirim ka provinsi, miluan
olimpiadeu matematika tingkat SMA. Balikkna meunang gelar juara deui baé.
Kumaha cara diajar Ramlan nepi ka jadi budak pinter?
Horéng
diajarna mah cenah biasa baé. Sapoé rata-rata dua jam diajarna téh. peuting
jeung waktu subuh. Tapi dilaksanakeun unggal poé. Naha dipapaksa ku indung
bapana?
“Ah henteu, sok
maksakeun nyalira baé. Mamah sareng Bapa mah ukur masihan sumanget,” pokna basa
diajak ngobrol di kantin sakola, anyar-anyar ieu.
Prinsipna
dina diajar alus pisan. Ramlan ngaku yén dirina lain budak jenius, tapi saha
baé bisa jadi pinter lamun daék jeung rajin diajar. Paribasa Sunda anu unina
cikaracak ninggang batu laun-laun jadi legok, ku Ramlan mah diamalkeun pisan.
Asal muasalna
mah cenah indungna kungsi nyarita yén batu gé anu sakitu teuasna, ku cikaracak
anu teras-terasan nyakclak mah, teu burung legok. “Hartosna, sanajan urang
bodo, lamun terus-terusan usaha jeung rajin diajar, tangtu bakal bisa, bakal
pinter,” pokna, bari tuluy nyebutkeun yén éta caritaan indungna téh napel baé
cenah dina ingetanana.
Ku sabab
kitu, sanajan lain anak nu beunghar tur teu loba waktu anu luang, Ramlan mah
mentingkeun pisan pikeun diajar jeung ngapalkeun. Malah citacitana téh henteu
kapalang. Cenah mun kaparengkeun, Ramlan téh hayang jadi érsiték.
Naha bet
hayang jadi arsitek?
“Rorompok anu
ayeuna ditempatan ku kulawarga abdi, asa teu kungsi dioméan sakaémut mah. Tos
siga aki-aki mun jalmi mah. Abdi sok ngémut, emh, mun aing jadi arsiték, Mamah
sareng Bapa téh badé dipangdamelkeun pangiuhan anu merenah. Teu kudu méwah,
tapi matak betah aranjeunna,” pokna semu kagagas.
Urang duakeun
baé, muga-muga cita-cita Ramlan téh tinekanan. Amin!
hatur nuhun elmuna katampi
BalasHapus