Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun
jeung bujangga Sunda nu mibanda sistem ajeninajen aktual tur relevan sarta teu
laas ku kamajuan jaman. Paribasa jeung babasan ditilik tina tingkatan budaya
kaasup kana tingkat karsa, anu eusina ngandung rupa-rupa maksud enggoning
ngahontal kadamean, katengtreman, kaadilan, panyalindungan dina nyorang parobahan
budaya ti mangsa ka mangsa. Nilik kana eusina bisa dibagi jadi tilu kelompok,
nyaéta wawaran luang, pangjurung laku hade, jeung panyaram lampah salah.
Paribasa wawaran luang eusina ngandung maksud pikeun
jadi picontoeun atawa pieunteungeun. Picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi
tuladeun milampah kahadéan, sedengkeun pieunteungeun mah jadi gambaran laku
goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.
Wawaran luang:
1. Uyah mah tara téés ka luhur (Tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung tabiat
kolotna)
2. Uncal tara ridueun ku tanduk (boga élmu pangaweruh mah moal hésé mamawa)
3. Wiwirang dikolongcatang nya gede nya panjang (ngalaman hiji
kajadian anu matak pikaéraeun)
4. Umur gagaduhan, banda sasampiran (Umur jeung harta banda hakékatna
milik Allah Swt.)
5. Ungguh baléwatangan (dibawa ka pangadilan)
Panyaram lampah salah:
1. Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan (ulah sieun, kudu gedé
kawani)
2. Ulah koméok méméh dipacok (ulah
waka nyebut teu sanggup saacan dicoba)
3. Ulah incah balilahan (ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia)
4. Ulah nyeungceurikan upih ragrag (Ulah popoyok ka jalma nu geus
kolot sabab urang gé bakal ngalaman)
5. Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung (ulah babari
bosenan, tapi kudu satia salilana)
Pangjurung laku hadé
1. Kudu bisa ngeureut pakeun (Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu
sina mahi)
2. Kudu boga pikir rangkepan (Ulah sabongbrong, kudu aya rasa curiga.)
3. Kudu
hadé gogog hadé tagog (Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.)
4.
Kudu nepi méméh indit (Kudu direncanakan
kalawan asak)
5.
Kudu bisa kabula kabalé (Kudu bisa mawa
awak)
Gedé hulu : Sombong
Panjang leungeun :
Cocorokot
Ajug : damar jangkung
Ancak : anyaman awi
carang wadah kadaharan pikeun nyuguh
Aseupan : parabot
paranti nyeupan
Baki : wadah nu léah,
biasana paranti ngasongkeun susuguh
Bakul : wadah sangu
atawa béas, dijieun tina anyaman
Baskom : wawadahan
modél jajambaran dijieunna tina palastik
Bokor : pakakas
paranti ngawadahan kadaharan
Garpuh : alat paranti
dahar
Karanjang :
Loyang : wadah adonan
rupa-rupa kuéh
Panci : parabot dapur
paranti ngangeun
Open : parabot
paranti meuleum kuéh
Parud : parabot
paranti marud